BÉNTENKĔN

Béntenkeun di Carik Pajajaran Vs Carik Galuh

May be an illustration of text

Di Sunda aya 3 “e” anu jelas perbédaanana:

1 Taling É: méré, séjén, déngdék, … jsb.
2 Pepet E: cedek, sebel, bener … jsb.
3 Peuyeum Ĕ: deudeuh, seubeuh, geuhgeuy … jsb.

Bukti yén aya 3 “e”:

1 jejer [carita] ≠ jéjér (baris) ≠ jĕjĕr (joran)
2 beber [luas] ≠ bébér (rubak) ≠ bĕbĕr (sabuk)

Mana kudu jelas matra/rarangkén “tanda vokalisasi” na dina penulisan modern. Béda jeung nu katimu di pustaka, nu ampir teu misahkeun antara rarangken e pepet Vs eu peuyeum nu maké tanda nu sarwa. Kumaha ogé urang hirup di mangsa kiwari jeung sagala kompleksitas nu teu bisa diangles.
Perkara stroke-anatomy, ngabanding prasasti-prasasti jeung pustaka nu aya, matra/rarangken ĕ – eu lolobana ukur nambahan tarung ka matra e-pepet; kitu gé anu kapanggih di prasasti Cimaragas.
Masalah nu séjén nyaéta “garis gantungan” … mirip garis-garis dina buku tulis ngarah nulis sangkan rapih, ngan dina cara nulis kuna, aksara posisi na NGAGANTUNG dihandapeun garis … jadi rapih na tulisan dirangkay sangkan ngabaris, hulu na digantungkeun dina garis … Béda jeung cara Latén anu nulis LUHUREUN garis … minangka karakter-karakter alfabet DIUK dina garis.
Tapi sabab aksara Baku mah luyu ka Latén … cara nulis Sunda Baku mah ilu cara nulis Latén; diuk dina garis.

Aksara kuna, aya 2 rupa nu dibédakeun tina cara nulis na:

Mungkin grafik teks yang menyatakan 'CARIK- Garis Gantungan; 2 Tipe Pajajaran Kabantenan E 42a 12 Bujanggamanik Bod MS_Jav_B3_R _J.v_'

Mungkin gambar teks yang menyatakan 'CARIK- Garis Gantungan; 2 Tipe Galuh-Kawali -Kawali VI Ciburuy P3K14'
1. Aksara Buyut, anu ditulis make mangsi ku kalam, dina daun gebang. Mana hasil na kandel/bold; ipis-kandel.
2. Aksara Carik, anu ditulis make péso pangot, dihideungan, dina daun lontar/siwalan. Mana hasil na seukeut, sa-garis.

Aksara Carik ogé ternyata berkembang di 2 tempat, hasil na 2 cara ti 2 tradisi nu béda:

1. Carik Pajajaran anu éstu ngagantung handapeun garis … ngabaris rata handapeun garis-gantungan. Katingali dina tulisan di Batu Tulis Bogor, Piteket Kabantenan, pustaka Bujanggamanik, jsb.
2. Carik Galuh anu nuliskeun “siku” heula, kakara make “topi” mana hasil na aya punjul “topi” luhureun garis. Katingali di prasasti-prasasti Kawali, pustaka Sanghyang Sasana Mahaguru, Sanghyang Swawarcinta, jsb.

 

source : Panji TB

One comment

Leave a Reply

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *